Isinya ada 46 alinea yang ditulis dengan bahasa/Aksara Sunda Kuno, dan yang saya kutip ada 2 alinea :
//o// Ndh ujarrakna wwa ni kaidr ku lupa. katutupan ku si lupa. apanya ning [ng] amingt. kasilib ka siliptkeun, ku mala jati ning raga. Kna ku tutur ning jagat, malapat di sarira. Suptapada ngaranya turu, jagra ngaranya tanghi. Yata ingtakna ring sangng amitutur, memehnya ring atu-ru, suptapada ngaranya. Ari pinh ari hetas, kna ku mala naraka.
//0// Ieu Ucapan jalma-jalma anu ti teuleum na jero ka teu sadaran, katutup ku poho, sebab maranehna (dina kaayaan) henteu sadar, kalengkahan kasumputkeun, ku pangkal kanistaan dina awak. Kapangaruhan ku dunya, jadi kalangkang dina awak. Suptapada ngarana sare, jagra ngarana jaga. Nyaeta nu kudu diinget ku saha bae anu cumarita, erek sare suptapada ngaranna, lamun sare akhirna pegat, kakeunaan ku nista naraka.
[02] Kna ku mala // na tutur, malanang raka, lipi lupa di jati di maneh, hilang na tutur yyatna. Ja leungitna kapa geuhan. kasaputan(ku) ikang lupa, kapa ringkus ku ikang tutur, lupa di jati di maneh pun. Haywa tuturaknang ri, suptapada ngaranya turu, jagra ngaranya tanghi. Prayat-nakna ring sang atapa pun. Ku sang awruh ring tapa, tan adoh ring sarira pun papa, na rasa den tan enak[a] den ta[n] turu. Sangng awruh ri carita.
Kakeunaan ku kotor// ucapan, (jeung) nista naraka. Sabab poho kana diri sorangan, ngakibatkeun ilangna ucapan anu sabenerna. leungit tina keteguhan, katutup ku poho, kaiket ku nu diucapkeun, poho kana jati diri sorangan. Anu kitu montong diturutan. Suptapada artina sare, jagra artina jaga. Ati-ati kasaha wae anu arek tatapa, patali reujeung aturan-aturan tatapa(sabab) teu jauh tina diri urang oge , dosa eta karasana teu nikmat(nepika) ngaganggu sare, Anu apal kan carita manusa. Cag...
Salam waras..!